Aduh Deudeuh Gusti. (JALAN SALIB - Maskumambang)
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Aduh deudeuh Gusti abong deui nasib Ku teu ngira pisan Gusti dek nandingan pati Mérganing ketelengesan.
Disiksa dihina langkung ti misti Pada ngareuhakan Lambokot sakujur diri Matak gila anu ninggal.
Tingharabek hujan panggebug gegendir Neunggeul satakerna Hayang puas ngarah pati Lampah kasurup ku setan.
Mingkin ngangres ninggal pangakaya Gusti Ku dimakutaan Areuy cucuk bulat beulit Getih mani baloboran.
Eukeur limpeu heg dipaksa manggul salib Muru ka Golgota Sajajalan dialabring ditongton di eak-eak.
Seep-seep nya kasangsaraan Gusti Taya papadana Sajajalan sering geubis Lungse manggul kai palang.
Sasumpingna ka puncak pasir kalpari Yesus dirangsadan Jubah dirampas prajurit Salirana ngabuliglag.
Salajengna Yesus kedah ngujur kai Ebog ngajajapang Panangan sampean deui Mani nyeblak dipakuan.
Kai palang ditanjerkeun ku prajurit Yesus kawas muntang Matak nyeblak narik sedih seueur nu ngucur cisoca.
Mung MantenNa najan ngucur mandi getih Nandangan siksaan Teteep ayem teu gumingsir Taya riuk-riuk aral.
Teu kapalang ketelengesan prajurit Waktos Yesus palay Halabhah nyuhunkeun cai Malah dipasihan cuka.
Najan kitu Yesus teu rengat panggalih Malah bingah manah Laksana ramalan Nabi Kalih pangersa RamaNa.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.