Duh Gusti nu Mirah Asih (Asmarandana)

Sarankan Edit

Audio tidak tersedia.

Duh Gusti nu Mirah Asih Nu mideudeuh para umat Mugi abdi jadi sae Tiasa tuhu satia Miestu tumut sangsara Ngiring jalan salib agung Nu kasorang ku Jungjunan.

Kahade lali ka Gusti, Pantang kendat puji puja Taya waktos towong lowong Dipiagung dina misa Sinembah luhur Altar Dipiemut ku pupundut Sakramen pameungkeut iman.

Tawis asih ka nu asih Mikaeling Kemis Bodas Yesus nampi pangbobodo Tipu lemes akal curang Tiantawis muridNa Sakongkol ka nu misatru Sarakah ku kadunyaan.

Teks kawih bernotasi belum tersedia.