Munguh Harta Nu Disiar (Sinom)
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Mungguh harta nu disiar dapon bisa nyambung hirup pikeun hirup kumawula ka Gusti jeung ka sasama ngajungjung harkat manusa tapi mun manusa hawek ajenna nu luhung ilang.
Tilu patokan agama lakonan masing satia: neneda reujeung puasa teu tinggal mere sedekah dibarengan ati wening jauh ti sipat munapek mun kitu urang lumampah ku Gusti tangtu dikabul.
Mungguh dadasar saestu welas asih ka nu lian bumela ka anu leutik nu taya tempoeunana kitu ibadah sajati tuladan ti Kristus Yesus Anjeunna geus jadi korban sangkan manusa salamet.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.