Duh Anak Ibu
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Duh anak ibu, ngaran hidep immanuel ngandung panyaksen yen Allah tetep nyarengan Allah linuhung luhung kaadilannaNa ningal nu tuna nu handap jeung taya rega
Junjungan kalbu hidep dikandung ti peuting salapan bulan diraksa didama-dama duh matak bagja rehna pangeran mercanten Ibu mung ngasuh pamugi ulah cangcaya
Duh Anak Ibu Hidep lahir dina kandang sarwa walurat 'na peuting nu tiis jempling taya nu nampi kabeh pada hare-hare sanajan Hidep medal ti kersaning Allah.
Duh Anak Ibu Hidep sing sabar tawekal Ibu katitipan teu wasa nya nyugemakeun sanes teu asih mana komo lalawora tetep manuhun sangkan Hidep manggih bagja.
Nya kitu Yusup tuhu ngemban Sabda Gusti estu bumela ka jeng Putra Allah Rama tetep ihtiar ngetrok lawang geusan ampih anging kumaha sadayana sami nampik.
Mung tukang ngangon alewoh tur suka bungah geus kasumpingan Gusti nu diajeng-ajeng bentang di langit ting karetip milu ajrih rehna kiwari Allah Putra tos lungsur.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.