Caang Kristus (Rancag)
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Caang Kristus obor laku pikeun jalma nu poekeun nu teu terangkeun ka Gusti sasab ku lampah sorangan.
Caang dunya mangga sumping lilipur hate nu rupek lungsurkeun caang harepan iman sareng welas asih.
Mangga linggih duh Panutan ngancik 'na ati nu wening nuyun pamikir pamolah saluyu sareng Pangersa.
Masing yakin ka Mantenna poma ulah deuk cangcaya margi Gusti Mahasuci tunggulung karahayuan.
Jalaran Komuni Suci urang manunggal jeung Gusti kituna hirup sing rukun layeut jeung sasama umat.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.