Pun Sapun Amit Paralun

Sarankan Edit

Audio tidak tersedia.

Pun sapun amit paralun Jembar Rahmat Gusti nu kasuhun Jembar Rahmat nu kasuhun Gusti nu Agung, tempat nyalindung Abdi-abdi nu kaduhung Tina seueur kalepatan Hapunten pamuka lisan

Lajengna anu kateda Kahoyong abdi jalmi nu dosa Kahoyong Jalmi nu dosa Kersa paduka, tong asa-asa Lebet ka rorompok hina Landongan nu taya daya Ku dawuhan kabingahan.

Teu ningal oge nyah beunta Tuna pangrungu bisa ngadangu Ku gentra sora Paduka Nu tanpa daksa tur taya daya Jagjag sapada harita Saratna anu utama Percaya iman jeung cinta.

Nu jadi pupunden ati Gusti Yesus Raja abdi-abdı Gusti Raja abdi-abdi Ku matak bingah mun kersa lenggah Sadaya ngantosan berkah Dunya tempat nu sarakah Jadi taman pinuh berkah

Teks kawih bernotasi belum tersedia.