Tingali Roti Sareng Anggur

Sarankan Edit

Audio tidak tersedia.

Tuh tingali roti disemplekan Ku pangersa Gusti teras diduumkeun Salira Kristus di luhur altar Tawis miemut ka pupusna Gusti Najan urang seueur nanging janten hiji Margi tuang roti nu sami Yu urang hijikeun tari jeung kawih Margi diangkir di Pesta suci

Tuh tingali anggur na piala Nu dileueut dina pesta ekaristi Detih suci dina altar Gusti Urang Nampi kahirupan sajati Najan urang seueur nanging janten hiji Margi tuang roti nu sami Yu urang hijikeun tari jeung kawih Margi diangkir di Pesta suci

Teks kawih bernotasi belum tersedia.