Haturan Ka Anu Agung
Sarankan EditHaturan ka anu Agung ) Ka Gusti Yesus nu yakti ) 2x Nyanggakeun korban nu Ihlas Korban anggur sareng roti Di payuneun meja Altar Meja Altar anu Suci.
Sinareng neda pangampun ) Tina dosa para abdi ) 2x Rupi-rupi dosa nyata Mo bade diwiji-wiji Abdi sadaya teu wasa Teu langkung pangersa Gusti.
Ayeuna mangga ka payun ) Bapa-ibu putra-putri ) 2x Sanggakeun korban nu ihlas Simpen dina meja Altar Mugia urang sadaya Gumelar wilujeng diri.
Mugia Imam nu luhung ) Kersa nampi korban abdi ) 2x Dugikeun ka nu Kawasa Supados anggur jeung roti Ditampi ku nu kagungan Ku Gusti Yesus sajati.
Sasajen anu kahatur ) Anggur sinarengan roti ) 2x Anu aya dina Altar ugi pangbakti ngajadi Sakramen suci nu nyata Korban nebus dosa diri.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.