Di Payuneun Altar Suci

Sarankan Edit

Audio tidak tersedia.

Di payuneun Altar Suci Umat sami ngiring kurban Disarengan ikhlas hate Mugi tiasa kamanah Katampi ku Allah Rama Ngahaturkeun timpah nuhun Kana kamirahan Allah

Najan ka Putra kaasih Gusti teu owel teu nyaah Sasat dianggo parepeh Keur kapentingan manusa Sangkan tobat ka Mantenna Ninggalkeun sipat takabut Sadrah ka kersaning Allah

Ayeuna seja mieling Kana kabelaan Putra Hanjat tina alam poek Kumelendang dina caang mugia salalanggengna Jalaran Yesus nu Agung Manusa nyembah Allahna

Teks kawih bernotasi belum tersedia.